Home » Kliping » SASAKALA KAMPUNG GOYANG

SASAKALA KAMPUNG GOYANG

Written By Unknown on Minggu, 05 Mei 2013 | 06.37




            Kacaritakeun hiji patempatan anu pinuh ku embeul nu matak nyilakakeun ka sakur jalma atawa sasatoan anu ngaliwatan eta tempat bakal ti leleup kana jero embeul. Hiji mangsa tengah peuting keur jemplang jempling, sora jangkrik silih tembalan maturan simpena eta peuting, ngan simpena eta peuting the leungit ku jorowoknya jalma-jalma anu keur ngepung bangsat gerot, eta bangsat teh geus ngagarong hiji imah nepi ka sakabeh anggota kaluargana maot di rogahala ku eta bangsat, iwal ti hiji orok anu salamet lantaran katutupan ku samping kebat bari tibra sare.
            Bangsat eta di udag ku jalma sakampung ngan ngaleungit di palebah embeul, masarakat geus teu salah piker deui pasti eta bangsat the tileleup kana eta embeul nu jero, da sakur jalma nu nincak kana eta embeul, pasti moal salamet kulantaran eta embeul kalintang jero na, geus loba korban ku eta embeul, diantarana aya aki-aki tukang peuyeum tileleup kana eta embeul nepi ka ayeuna teu kapanggih ngan ukur tanggungan peuyeum anu ngambang dina eta luhureun embeul, malah mah sasatoan oge loba anu asup kana eta embeul, diantarana munding Pa Oyon jeung kuda Mang Sakri.
            Sanajan geus di saeur ku taneuh jeung cadas eta embeul teh anggeur wae jero, malahan mah mun seug mah aya jalma anu bisa neuaskeun eta embeul mangka eta tempat embeul anu lega na lima hektar teh jadi milik manehanana da geus taak kabeh jalma ku ayana eta embeul.
            Aya hiji kokolot kampung anu ngarana Abah Ne’en meulak dua tangkal caringin pikeun ciri ka sakabeh jalma sangkan ulah ngalewatan eta embeul, jarak ti tangkal hiji jeung nu hiji deui eta tangkal teh kira-kira 2 meter di tengah eta embeul.
            Sababaraha taun kaliwat eta tangkal caringin teh geus geude nu umurna geus Saumur jeung si Ujang, nyaeta orok anu indung bapa na maot di rogahala ku bangsat nu tadi di caritekeun mimiti, eta budak teh geus mangkat rumaja. Tangkal caringin eta teh sok di jieun tempat pangulinan ku barudak anu ngadon hahaleuangan bar icing tararekel mapai-mapai akar anu mareulit jeung ngarambat kana sisi eta embeul, eta tangkal caringin teh sok oyag-oyagan lamun di tingali ti kajauhan mah alatan katebak ku angin siga tatangkalan anu keur ngaribing.
            Hiji wanci si Ujang ulin sosoranganan tataekan dina tangkal eta caringin, ngan dina pikirna jadi ngarasa sono ka kolotna anu geus taya pi kieu euna, didinya manehna munajat ka Gusti nu Maha Agung bari ngeuclakeun cai panon kasono ka indung bapana, cai panon eta maruragan ngeuclak kana eta embeul ku kersaning Pangeran eta embeul teh jadi teuas ka keclakan cai panon. Nu ahir na tempat eta jadi milik si ujang.
            Lila kalilaan tempat eta jadi hiji lembur anu pinuh ku masarakat jeung katelah ku jalma-jalma nu di sebut Kampung Goyang.
Share this article :

0 komentar:

Speak up your mind

Tell us what you're thinking... !

Teruslah hidup demi mencapai suatu tujuan

Teruslah hidup demi mencapai suatu tujuan
 
Support : | Rizal Pribadi |
Proudly powered by Blogger
Jangan Berubah. SINGA PATROMAN -
Template Design by Published by #